:

2 Babad 17

1

Yosapat jadi raja ngagentos Asa, ramana, sarta nohagaan kakuatan keur ngayonan Israil.

2

Nempatkeun pasukan-pasukan di saban kota benteng di Yuda jeung di pasisian wewengkon Yuda, kitu deui di kota-kota pagunungan di wewengkon Epraim anu geus dijabel ku Asa bareto.

3

Yosapat diberkahan ku PANGERAN, sabab nuturkeun tapak kalakuan ramana anu beh ditu beh ditu, henteu ibadah ka Baal.

4

Sumujud ka Allah panutan ramana, tunduk kana timbalan-timbalana-Na, henteu cara kalakuan raja-raja Israil.

5

Yosapat nyangkingna karajaan Yuda ditohagakeun ku PANGERAN, pada ngahaturanan pangbakti ku rahayatna, jadi kacida beungharna tur kacida diajenanana.

6

Anjeunna ngaraos bagja ngabdi ka PANGERAN. Tempat-tempat ngabakti ka brahala jeung arca-arca Asera nu aya di Yuda ku anjeunna digempur.

7

Dina taun katilu jumenengna raja, anjeunna ngutus Benhail, Obaja, Jakaria, Netanel, jeung Mikaya, sina ngawuruk ka urang Yuda.

8

Maranehna dibaturan ku salapan urang Lewi, nya eta Semaya, Netanya, Sebaja, Asahel, Semiramot, Yonatan, Adonia, Tobia, jeung Tob Adonia. Aya imamna duaan, nya eta Elisama jeung Yehoram.

9

Maranehna ngideran sakuliah karajaan Yuda, mawa buku Hukum PANGERAN, ngawuruk rahayat.

10

Karajaan-karajaan di sakurilingna ku PANGERAN disina sarieuneun ka Raja Yosapat, taya anu wanieun merangan.

11

Urang Pelisti mah sawareh aya anu mawakeun perak kacida lobana jeung rupa-rupa deui pangbakti ka Yosapat. Jeung aya sababaraha urang Arab anu mere domba 7.700 siki jeung embe 7.700 siki.

12

Yosapat beuki lila beuki punjul bae. Di sakuliah karajaan Yuda anjeunna ngadamel benteng-benteng jeung tempat-tempat

13

panyimpenan bekel kacida lobana. Di Yerusalem anjeunna nempatkeun perwira-perwira penting,

14

diatur nurutkeun ahli karuhunna masing-masing. Panglima anu nyangking pasukan ti ahli karuhun Yuda nya eta Adna, ngabawah 300.000 prajurit.

15

Sahandapeunana, nu kadua, nya eta Yohanan, ngabawah 280.000 prajurit;

16

nu katilu nya eta Amasia bin Sikri, ngabawah 200.000 prajurit. (Amasia kalawan sukana pribadi kumawula ka PANGERAN.)

17

Panglima ti pasukan ahli karuhun Binyamin nya eta Elyada, satria gagah, ngabawah 200.000 prajurit anu pakarangna kepeng jeung jamparing.

18

Sahandapeun eta, nu kadua nya eta Yosabad, ngabawah 180.000 prajurit, pakarangna kacida lengkepna.

19

Maranehna ngawula ka raja di Yerusalem. Di kota-kota benteng lianna di sanagara Yuda oge Yosapat nempatkeun pasukan-pasukan.

Link: